Nu Torek Nuding Torek

Aya hiji aki-aki, datang ka ajengan Mukidi. Caritana konseling rumah tangga.
Aki: "Si Nini tercinta teh kawasna torek, Ajengan. Aki bingung rek ngajak dipariksa ka dokter bisi tersinggung."
Mukidi kurang-kerung.  Ieu kasus rada ribet katingalina. Teu sabaraha lila, ajengan Mukidi nyarita bari ningalikeun tablet nu ti tadi dicecepeng. "Ku ana geus dinbox ka aki alamat blog ana, baca ku aki nu judulna "cara mengetahui apakah si nini torek?".
Singketna, si Aki muka blog sajajalan balik ka imah. Tipsna kieu cenah:
Nista; Gorowokan Si Nini ti pager buruan sing tarik. Mun teu ngajawab;
Maja; Gorowokan tina lawang panto, mun teu ngajawab;
Utama; Gorowokan ti tukangeunnana, mun teu ngajawab keneh;
Mute; gorowokan bari dipongpokkeun kana ceuli Si Nini.
...
Sanggeus ngarti kana arahan ti Ajengan Mukidi, si Aki ngagedig balik ka imah. Tepi dina lawang pager imah, si Aki ngagorowok tarik pisan, "Assalamualaikum, Nini! Aki balik yeuh...!"
Didenge-denge taya jawaban ti si Nini, si Aki ngagedig nyampeurkeun kana lawang panto bari gorowok deui, “Assalamualaikum Nini, Aki balik yeuh...!”
Ditenget-tenget masih taya jawaban, bari semu rada keuheul si Aki asup ka imah. Nyampak si Nini keur gurang-goreng di pawon, katingali tonggoy pisan. Tina panto lawang dapur si Aki ngagorowok deui, “Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh...!” cenah, dipanjangan ayeuna mah. Didenge-denge si Nini teh geuning teu ngajawab wae. Ah geus sidik ieu mah si Nini teh torek, ayeuna keneh rek digusur sina ka dokter, gerentes si Aki.
Si Aki ngadeukeutan si Nini ti tukangeunna, bari dideukeutkeun kana ceuli si Nini si Aki ngagorowok tarik pisan, “Assalamualaikum Nini..., meni ku torek titadi salam teu dijawab wae!”
Si Nini malik ngagerewek tarik pisan bari ngangkat sosodok, “Ari nyaneh kunaon aki, ti tadi ku kami dijawab salam teh barang ti pager buruan keneh, naha teu kadenge....?”
...
Si Aki olohok ngemang kadu bari ningali sosodok jeung mata Si Nini nu hurung ngabebela.



Print Friendly and PDF

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Koreksi, kritik dan saran atau pertanyaan Anda, silahkan...!